Senin, 04 Oktober 2010

CIRI DIRI BABAD BADAN


CIRI DIRI BABAD BADAN

Geura kanyahokeun ku anjeun diri sakujur carana,
nganyahokeun diri sakujur nyaeta :

Urang kudu nyaring dina peuting, peuting nu sepi jempling, ngan saukur sora jangkrik jeung sora areuy cangkas anu ka kuping, mapaesan sepina peuting. Angin leutik ngahiliwir ngahudang jumeritna hate nu keur sedih, lain ku kasusah, lain keueung ku kasieun, tapi hate nyawang nu rek kasorang, jeung nyawang nu geus kasorang, karuhun anu berjuang ngarebut kamerdekaan, ngorbankeun jiwa jeung raga, peujuang anu baheula, boudas beresih suci setra, sasmita beresih hate perlambang budi luhur. Merdeka geus kasorang, geus bebas dipanjajahan, geus lalakon balarea, tapi tina belenggu can kasorang jeung cangkalakon, rek iraha jeung kumaha.....Gemah Ripah ngan saukur pape'es, subur makmur lemahna atau taneuhna, tapi suburkeun jiwana, anu bisa ngawalatrakeun harta ka kaum jelata rakyat leutik ngajejerit. Nu pinter kabalinger, ulama teu bisa molahna, lain sieun lain ringrang, tapi elmuna teu diterima, sabab iman jalma geus limpah kujaman, lain jaman anu eta, tapi jaman anu ieu, lain jamanana tapi nu ngajamannana, lain pemimpin nu teu bijaksana, tapi sawarehna aya anu sok nyieun codeka.
Tapi jaman geus ganti lalakon, bakal datang Ratu Adil, datangna heunteu kaciri, janji aya dina hareupan, Ratu Adil anu aya dijagatna Padjadjaran, ngajajarkeun deui jagatna. Ber ka kaler, ber ka kidul....ber ka kaler, ber ka wetan.....ber ka kulon teu ka panggih jatina diri. Ka beulah kidul angal tutunggul, nu di kaler tinggal paesan, nu di kulon tinggal urutna, nu wetan tinggal hanjuang. Ngerab-ngerab katebak ku angin, suci setra sasmita beresih, hate perlambang budi luhung, jatina diri lambang pertiwi, yaeta beureum jeung boudas, lain boudas anu ieu, lain beureum anu eta, tapi boudas nu ngancik dijatina diri, naon artina....... Sumarambah kana bayah nyalusup ka jero ati, yatamangan saukur murangkalih, sa kembaran Pangeran Kilat Kencana, asuheun sakabeh jalma, pek geura teangan jatina diri. Nu panggihan ngan saukur angin nu nembus kena salira, yaeta atuh nu kudu di asuh, jeung kunaon jeung kusaha ngasuhna. Panggilan wae dulurna di wetan tuluy indit deui ka beulah wetan, ngan saukur Sang Bayu anu ngahireupkeun serta ngayagkeun tangkal samuja anu nantung disisi paesan, sok geura tanya ku andika, pasti jawabna....tanyakeun wae kadulur anjeun anu di kulon, pek tanyekeun anu di kulon, ari anu di kulon ngan saukur paesan anu ketempo taringgul tutunggul serta dihias ku lukut anu hejo ngemplok, ari jawabna..... tuh dulur anjeun nu di beulah kidul nungguan. Sok geura panggihan ku anjeun, pasti anjeun manggihan Gunung anu Lenang jawabna  pek ku anjeun, geura tarulisan ku ayat tur asmana kunu Maha Widdhi yaeta pepelakan, anu geus di Dathkeun kunu Maha Widdhi, tah eungke pasti papanggih jeung Jatina diri, serta papanggih jeung Kalimat Syahadat. Yah eungke dina hiji waktu papanggih jeung kaula anu disebut ; Jajaran Ratu Adil. 

-----00000-----

Tidak ada komentar:

Posting Komentar